Selasa, 29 Desember 2020

Lirik Lagu Sakur Ngimpi - H. Darso

 


Lagu : Sakur Ngimpi

Vocal : H. Darso

Saprak anjeun ngaleos
ngabeubeutkeun duriat
Hirup asa nyungkelik hate mararingis

Saprak anjeun ninggalkeun
ngararajet cinta urang
Pikiran baluweng pinuh ku emutan

Sagala rasa kabawa anjeun
Saparo nyawa ngilu ka anjeun
Nikmat na hirup leungit teu nyesa teuing ka mana

Letah teu mirasa sagala rasa karasa pait
Sare gulang guling hese peureum

Reff :
Kahayang mah ieu teh sakur ngimpi
Anu ngageuingkeun urang
Tina kasombongan diri

Kahayangmah waktu teh ngulang deui
Sabulan anu katukang basa silih keukeupan
Nga heulas kaleungitan
Ngorejat seseblakan


Liek euweuh, lieuk euweuh
Ngagugulung lamunan

Ngareup ngareup sakur ngimpi
Ngareup ngareup anjeun datang
Tiap detik ngan tatanya

Dimana anjeun .....