Selasa, 29 Desember 2020

Lirik Lagu Jumerit Ati-Abiel Jatnika


Lagu : Jumerit Ati

Vocal : Abiel Jatnika


Aweuhan adzan
Wanci Magrib saru tongeret Jeung cihcir
Ngabangikngik nganteur layung anu undur
Pikeun balik ka tempatna

Jumerit diri
Abdi ka Gusti ka Allah nu maha Agung
Anu terus ngulung ngulung kaduhung
Ngulang ngulang tincak
Dina jalan salah

Kamana jeung kudu kasaha
Naleukeumna ieu diri
Mun seug iman sateuguh Abu Bakar
Sahabat Nabi nu taat ka Gusti

Ya Allah
Ya Rabbul Izati hapunten Sagala lepat
Kebat diri seja Tobat
Nete kecap Shirothol Mustaqim

Jumerit diri
Abdi ka Gusti ka Allah nu maha Agung
Anu terus ngulung ngulung kaduhung
Ngulang ngulang tincak
Dina jalan salah

Kamana jeung kudu kasaha
Naleukeumna ieu diri
Mun seug iman sateuguh Abu Bakar
Sahabat Nabi nu taat ka Gusti

Ya Allah
Ya Rabbul Izati hapunten Sagala lepat
Kebat diri seja Tobat
Nete kecap Shirothol Mustaqim